Tatakrama basa sunda maksudna pikeun?

Jawaban:

Tatakrama Basa Sunda maksudna pikeun silih ajenan, nyaeta silih ajenan atawa sopan santun dina cacarita. Dina Tatakrama Basa Sunda, aya dua ragam basa, nyaeta anu disebut Ragam Basa Hormat / Lemes jeung Ragam Basa Loma. Ragam Basa Hormat / Lemes biasa digunakeun pikeun nyarita jeung anu saluhureun atawa anu dipikahormat. Sedengkeun Ragam Basa Loma biasa digunakeun pikeun nyarita jeung anu geus akrab.

Asalna istilah Tatakrama Basa Sunda kungsi disebut Undak-usuk Basa Sunda. Istilah Undak-usuk Basa diganti ku istilah Tatakrama Basa Sunda, sabab Undak-usuk Basa Sunda sok dianggap miboga maksud pikeun ngabeda-bedakeun tingkatan sosial anu aya dina masarakat. Jadi Undak-usuk Basa Sunda mah ceunah miboga kesan “feodal”.

Bagikan Jawaban

Leave a Reply

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *